Selasa, 13 Maret 2012

Atikan Kasenian di Sakola, Napak dina Budaya Bangsa


ANU pangheulana jadi pananya téh tangtuna ogé: naon tujuanana ngayakeun atikan kasenian di sakolaan, pangpangna tingkat SD? Puguh baé tujuanna lain pikeun ngajadikeun sakur siswa sangkan jadi seniman. Perkara isuk jaganing géto aya diantarana nu jadi seniman, éta mah tangtu henteu matak ngarobah tujuan utama iayakeunana atikan kasenian di sakola. Siswa tingkat SD, mangrupa mangsa nyorang atikan formal anu bakal nangtukeun ngabentukna karakter siswa ka hareupna. Diayakeunana atikan kasenian di sakola téh tujuan utamana mah pikeun ngatik sangkan siswa jadi kréatif.
Ku ayana atikan kasenian, siswa ogé dilatih pikeun mibanda kamampuh nalar, kalemesan budi, imajinasi, sarta kaseukeutan rasa dina nyawang kahirupan  di lingkungan sosial budaya Indonésia. Jadi, atikan kasenian téh henteu sakadar kalangenan, anu diayakeun dapon henteu. Lantaran, atikan kasenian bisa raket patalina jeung mata ajaran séjénna. Nu matak, sok aya istilah seni ngajar, seni diajar, jeung seni séjénna. Perkara éta nuduhkeun yén naon rupa perkara ogé bakal leuwih anteb lamun ditumpangan ku seni.
Pamaréntah kalintang surti kana pentingna atikan kasenian, pangpangna anu patali jeung kabudayaan. Ku kituna, dina PP No. 19, Taun 2005 ngeunaan Standar Nasional Pendidikan, kecap seni salawasna dihijikeun jeung budaya (seni dan budaya). Upama diteuleuman leuwih jauh, dihijikeunna kecap seni jeung budaya téh mibanda harti yén atikan kasenian salawasna kudu nyoko kana budaya di lingkungan séwang-séwangan. Lantaran bangsa Indonésia mibanda kabeungharan budaya, tangtu baé di saban wewengkon téh nyampak seni jeung budaya nu mandiri, sarta béda jeung seni budaya séjén. Tong boro nyarita nasional, dalah di tatar Sunda ogé kalintang beungharna. Saban wewengkon, sasarina miboga seni jeung budaya nu mibanda ajén-inajén punjul, sarta boga ciri has séwang-séwangan.
Seni jeung budaya ieu pisan anu perelu ditépakeun ka barudak sakola, sangkan mikawanoh, anu kadituna dipiharep mikacinta. Numuwuhkeun rasa kacinta tur kareueus kana seni jeung budaya sorangan, kalayan lain hartina nutup diri kana seni jeung budaya global. Taya salahna mikawanoh tur mikaresep budaya mancanagara, tapi henteu mopohokeun seni jeung budaya banda sorangan. Lanataran, seni jeung budaya bangsa, tangtu karakteristikna béda jeung seni budaya deungeun.
Hususna di tatar Sunda, tangtu baé anu perelu diwanohkeun téh seni budaya Sunda. Réa urang deungeun nu ngahaja ngayakeun panalungtikan ngeunaan seni budaya Sunda, ku lantaran ngarasa kataji tur nganggap seni budaya Sunda linuhung. Tangtu baé kalintang lebarna lamun urang Sunda sorangan henteu mikawanoh.
Ngawanohkeun seni budaya Sunda bisa dimimitian ku népakeun basa Sunda jeung rupaning kamonésan basa Sunda dina ajén sastra, anu nyampak dina eumpaka lagu, sajak, carpon, jeung sajabana. Perelu ditandeskeun deui yén basa Sunda téh henteu kampungan. Basa Sunda ogé bisa jadi basa rupaning paélmuan. Komo deui lamun ngagedurkeun népakeun kabiasaan ngagunakeun aksarana. Mémang, aksara Sunda geus langka digunakeun, lantaran kalintang banggana lamun ngamimitian ngawanohkeun aksara Sunda, anu kakara kapaluruh sababaraha taun katukang; nepi ka kiwari ogé masih kénéh réa nu nganggap yén aksara Sunda téh “ha na ca ra ka”. Padahal nu saéstuna mah aksara Sunda téh “ka ga nga…”. Jadi, wajar lamun bangga diterapkeun dina kabiasaan sapopoé. Ku kituna, aksara Sunda mah geus puguh hésé, tinggal basana nu kudu digedurkeun téh, lantaran basa Sunda mah masih kénéh diparaké dina kahirupan sapopoé. Malah dina tayangan tivi nasional ogé, basa Sunda mindeng dipaké, sanajan ngan ukur di sabudeureun bobodoran. Kilang kitu, ku mindeng dikedalkeun ogé apan bisa nuduhkeun yén basa Sunda téh masih kénéh aya dikieuna, dipikawanoh, tur masih loba anu ngagunakeun dina kahirupan sapopoé. Nu leuwih utama, basa Sunda téh basa rasa, nu kalintang anteb tur nyurup digunakeun ku para nonoman urang Sunda.***

MASAGI


ALAM dunya nu éndah téh ciptaan Pangéran. Ku sabab nu nyiptakeunana Pangéran, tangtu rupa atawa wangunna hadé jeung sampur­na. Ari kasampurnaan alam sok di­jieun siloka, kaasup dina babasan jeung paribasa.
Karancagé kolot baheula, enggo­ning ngarumuskeun jurus pikeun nyanghareupan kahirupan, salah sahi­jina winangun babasan jeung paribasa, sawaréh dijieun ku cara siloka nu ngin­jeum ti kaayaan alam téa.
Modél atawa rupa suhunan imah vernakular di Tatar Sunda gé nyonto ka alam. Upamana, aya nu nyonto ka manuk, aya deuih nu nyonto ka sasatoan lianna. Antarana baé, aya nu disebut “ranggon” (tina manuk ranggon), “julang ngapak”, “badak heuay”, “tagog” atawa “jogo anjing”, jeung “galudra ngupuk”.
Pon kitu deui dina ngagambarkeun kageulisan: ngindung ka rupa nu aya di alam bari ditambahan sangkan jéntré: “angkeut endog sapotong”, “ramo pucuk eurihan”, “lambey jeruk sapasi”, “halis ngejelér paéh”, “cangkéng lenggik nanding papanting”, “taar téja mentrangan”, “damis kuwung-kuwungan”, “bitis héjo carulang”, jsté. Jadi, kageulisan atawa kaéndahan dirupakeun tina kombinasi rupa nu aya di alam.
Malah, simbol tina rupa alam téh dijéntrékeun jeung kaayaanana pikeun mastikeun nu dimaksud kalayan gembleng. Dina ngagambarkeun gado, upamana, nu geulis mah disebutna gé “angkeut”, nu hadé tur diibaratkeun kana rupa endog tapi kudu sapotong. Halis istri nu geulis kudu siga jelér paéh, da mun jelérna hirup mah duka kumaha rupa halis téh. Jadi, sangkan ngajepatna hadé, teu usik teu malik luhureun panon, nya dipaéhan heula tah si jelér teh!
Eusi babasan jeung paribasa di antarana mangrupa ajaran moral atawa étika nu bisa deuih disebut falsafah pikeun ngalakonan hirup. Ilaharna, mangrupa siloka atawa perlambang nu ngandung harti jero bari diungkarakeun ku basa nu ringkes, tepi ka gampang nginget-ngingetna. Karasana pantes kénéh dipaké ayeuna jeung jaga, teu kalis ku waktu atau kadaluwarsa, ongkoh da teu maké bahan tambahan siga formalin.
Mun urang bingung kudu kumaha gaul, boh jeung papada manusa boh jeung mahluk lianna, aya jurusna: di antarana kudu “hadé gogog hadé tagog”–siloka deui baé, nu maké sipat kaayaan sato nu aya di alam. Pihartieunana, hirup kudu hadé dina nyarita tur dina paripolah, omongan jeung kalakuan kudu sarua alusna.
Sababaraha babasan atawa paribasa maké kecap injeuman tina rupa atawa wangun, nyaéta pasagi, buleud jeung segitilu. Kecap pasagi aya dina babasan “hirup mah kudu masagi”. Naon sababna prak-prakan hirup nu hadé diibaratkeun kana rupa pasagi?
Masagi téh kecap pagawéan nu asalna tina kecap kaayaan atawa sipat pasagi. Nu disebut pasagi nyaéta rupa kotak–rupa nu dijieun ku opat sisi nu sarua ratana atawa lempengna, tur ukuranana sarua. Pasagi nunjuk ka rupa nu sampurna. Biasana, ieu babasan dilarapkeun kana perkara ngalakonan urusan dunya jeung ahérat atawa agama jeung darigama téa.
Sipat pasagi ngandung harti yén hirup téh boga sisi atawa widang nu teu ngan hiji atawa sarupa. Sagala widang kahirupan kudu dilakonan kalayan saimbang. Cara urang hirup ayeuna di dunya, lian ti kudu mikiran kaperluan hirup di dunya téh kudu kukumpul amal-ibadah pikeun bekel jaga di ahérat deuih. Urang gé kudu sagala bisa atawa mahér dina rupaning widang, sabab hirup téh teu gampang jeung loba pisan unak-anikna nu kudu kacekel sangkan urang hirup teu kadungsang-dungsang sangsara alatan euweuh kabisa. Ringkesna, pasagi dijieun conto hirup kawas kumaha nu kudu dilakonan téh. Sipatna tindakan atawa kalakuan.
Duka kumaha sasakalana, pasagi téh dina basa Indonésia mah maké mamawa bujur sagala, enya, bujur sangkar téa. Sigana, sangkar téh asalna tina basa Minang nu saharti jeung pasagi, da di Sumatera Kulon mah aya lembur ngarana Batusangkar. Pangna kitu gé, di dinya aya batu nu rupana ngaharib-harib ka rupa pasagi. Kecap sangkar tuluy dipaké deuih pikeun rorompok manuk dina basa nasional, najan rupana geus teu pasagi deui.
Rupa pasagi teu pati jéntré ayana di alam. Dina ayana gé sigana ukur ngaharib-harib, teu saklek pasagi. Ongkoh rupa pasagi mah dijieun tina opat sisi nu tiap juruna kudu masékon (tina parabot tukang bas, pasékon) nu hartina opat juruna mun diukur persis 90 darajat téa.
Rupa pasagi loba dipaké pikeun wangun parabot sapopoé nu dijieun tina awi, di antarana bésék, pipiti, suku boboko, hihid jsté.  Rupa pasagi kawentar ka mana mendi, utamana pikeun muslim. Nu dijarugjug ku nu marunggah haji téh apan Ka’bah di Mekah. Ceuk si cenah, harti ka’bah atawa kufah téh pasagi. Kaligrafi nu tulisanana ngaharib-harib kana rupa kotak disebut kufah atawa kufik.
Lian ti rupa pasagi, rupa atawa wangun nu dipaké dina babasan téh buleud. Kapan aya kalimah, “Niat téh kudu buleud”. Rupa buleud téh dijieun tina garis nu patepung tungtung, bari jarak ti tengah ka unggal sisina sarua. Dina Matématika mah istilahna jari-jari atawa “r” (tina radian atawa radius téa). Niat urusanana jeung sikep nu yakin, tur patali deuih jeung sikep méntal. Pikiran jeung tindakan ngahiji, siga garis nu buleud.
Rupa atawa wangun buleud aya jeung loba di alam. An­tara­na baé aya panonpoé, bulan, katumbiri, ombak leutik di­na balong mun urang nyemplungkeun batu, daun taraté, jsté. Dina parabot vernakular nu tina awi, rupa buleud dipaké pikeun tampir, nyiru, telebug, téténong, ayakan, jsté.
Rupa buleud sok dipaké perlambang kasampurnaan nu sipatna idéologis, kaasup tauhid atawa kaimanan. Bulan atawa panonpoé nu rupa dasarna buleud dipaké pikeun lambang nu islami. Ngan sangkan teu pahili jeung surabi, bulan digambarna sapasi, ongkoh sangkan masih aya tempat pikeun béntang. Panonpoé dijadikan lambang salah sahiji ormas Islam (sangkan teu pahili jeung rupa buleud séjénna, ditambahan ku garis nu nyebar ti sisi buleudan nu hartina cahaya).
Lambang bandéra Jepang buleud beureum, nyimbol­keun panonpoé isuk-isuk. Pikeun ngagambarkeun manusa suci, dina seni lukis Nasrani, sirah manusa sok dibéré buleudan bodas nu disebut halo. Dina pulitik (nipu rahayat leutik?) sok kadéngé istilah kebulatan tekad hiji partéy atawa rombongan manusa dina raraga ngadukung hiji calon (calon naon wé).
Rupa séjénna nyaéta nyungcung. Aya kecap “ka balé nyungcung”, siloka pikeun dirapalan atawa akad nikah. Balé nyungcung téh babasan pikeun tempat suci atawa sakral, utamana masigit. Sigana, baheula mah akad nikah téh umumna dilakukeun di masjid supaya leuwih afdol sabab tempat suci, jeung ari nikah téh apan upacara suci deuih. Suhunan masigit baheula umumna maké suhunan modél tropis nu numpuk siga gunung. Pangluhurna biasa­na segitilu, lobana opat tur dipasangkeunana condong paha­reup-hareup, ngawangun rupa limas.
Suhunan modél kitu biasana disebut limasan, tapi ditilik ti hiji sisi mah segitilu. Jadi, istilah nyungcung téh pikeun rupa limas nu dijieun tina opat segitilu. Dina suhunan, ieu segitilu téh dua sisina nu nangtung sarua panjangna jeung sarua darajat condong atawa miringna.  Béh dieu, suhunan masjid téh aya nu meunang impor ti tanah Arab, nya kubah téa nu rupana belenong–najan sabenerna mah rupa kubah gé dijieun suhunan katédral cara di Italia atawa Rusia .
Rupa nu ngaharib-harib ka segitilu aya di alam, contona Gunung Guntur di Garut, nyeplés segitilu: dua sisi condong, patepung di puncak, ari nu hiji mah ngadapang dina taneuh. Éta dua sisi nu condong téh nyiptakeun rupa nyung­cung nu nunjuk ka langit–dihartikeun nuju ka Pangéran.
Jadi, kaharti mun ku karuhun gunung téh sok dianggap suci atawa sakral, lian ti jadi tempat bijilna cai pikeun ka­hirup­an, tur dipaké tempat muja, tempat atawa makam ka­ra­mat atawa astana, nu ayeuna sok disebut situs purbakala atawa sajarah téa. Ku sabab di Mesir mah euweuh gunung cara di urang, nya Fir’aun nyieun gugunungan ba­dag nu disebut piramid téa nu umumna dipaké nyimpen jasadna.
Rupa atawa wangun nu aya di alam dunya loba pisan jeung moal kaitung. Ku manusa modéren, kaayaan kitu disederhanakeun atawa diringkes kana tilu rupa dasar, nyaéta pasagi, segitilu jeung buleud. Éta tilu rupa dasar téh dipaké dina élmu Matématika utamana Géometri jeung dina éstetika Seni Rupa.
Duka kumaha sasakalana, éta rupa dasar téh aya dina babasan atawa paribasa di urang cara nu ditataan di luhur. Bisa jadi aya pancakakina. Paling copélna, bisa jadi sarua panginditanana: nyokot conto rupa dasar nu aya di alam, dumasar kana kasampurnaan alam ciptaan Pangéran.
Nu sidik, masing-masing rupa téh, najan wandana béda-béda, sarua ngandung harti kaayaan nu sampurna atawa suci. Pasagi dipaké ngagambarkeun kalakuan nu sam­purna, buleud pikeun tékad atawa kayakinan nu sampurna, segitilu pikeun tempat nu sampurna –dina harti suci atawa sakral.

BORJU


MUN pirajeunan mikiran pasualan ékonomi kiwari, baris kagambar potrét pajurawet. Boro-boro mikiran ékonomi bangsa atawa dunya kétang, noong ékonomi kulawarga atawa sadirieun ogé ayaka­lana poékeun. Ku kituna urang nyieun rupa-rupa tarékah pikeun néangan solusi.
Ngan masalah perekonomian sék­tor formal mah angger baé ngagejrét. Balukarna, loba warga nu boga inisia­tif mekarkeun séktor informal. Réréa­na tukang dagang dadakan (komo mun rék Agustusan, miéling milang­kalana kabupatén/kota, atawa mun nyanghareupan Lebaran), mahabuna kaki lima, atawa dongdangan asup ka pilemburan.
Éta téh, cenah, balukar tina krisis ékonomi di séktor formal. Nurutkeun sosiolog Dr. Tadjudin Noor Effendi, tumuwuhna séktor informal téh lantaran loba karyawan di séktor formal nu di-PHK. Ku kituna, pasar tanaga kerja di Indonésia jadi keuna panyakit “informalisasi”. Ku kituna séktor informal, nu dijadikeun sélér pangupa jiwa, geus boga brand husus.
Apan urang kacida wanohna kana saté Madura, pecel lélé ti Lamongan, roti bakar Bandung (karesep barudak nu mangkal hareupeun rumah sakit), séga/sangu jamblang (murah maréh), warung angkringan ti Klaten.
“Muncunghulna sektor informal,” ceuk Dr. Irwan Abdullah, staf peneliti Pusat Studi Kependudukan UGM, “ngait pisan jeung lunturna kakawasaan agraris nu aya di padésaan.” Nu disebut kakawasaan agraris mangrupa hiji wangun tata-aturan nu kudu “diagem” ku sakumna warga masarakat, saupama manéhna merenahkeun séktor pertanian jadi sumber pangupa jiwa nu utama. Masih inget waktu taun 2004, kuring kungsi kadatangan lima maha­siswa Universitas Gajah Mada (UGM), Yogyakarta. Maksud­na, maranéhna rék maluruh béja ka Kuningan, sabab di Kota Gudeg euyeub pisan ku tukang bubur kacang héjo (burjo). Maranéhna rék ngayakeun panalungtikan ngeu­naan séktor informal, sabab dumasar kana hasil survéy, ieu widang garapan téh mangrupa séktor alternatif pikeun pangupa jiwa.
Nurutkeun data awal, di Kuningan aya sababaraha désa di Kacamatan Garawangi (ayeuna geus dimekarkeun jadi Kacamatan Sindangagung), loba warga nu usaha kana bubur kacang. Sanajan, dina emprona mah, dipasieup ogé ku rupa-rupa kadaharan jeung inuman sejen kayaning mie instan, kopi sachét, susu sachét, inuman berkarbonasi, inuman berserat, sari buah, inuman suplemén, inuman penyegar, susu, jeung roko. Néng Anna Mariana, minangka pupuhu tim investigasi, nétélakeun yén ampir di unggal jurukota, jlugjleg—najan henteu permanén ogé—ku warung burjo.
Barang ditalék, kabéh ogé nyebutkeun yén maranéhna téh pituin ti Kuningan. Mémang bener, dina hiji lomba désa—kuring kaasup anggota tim panitén—kungsi nyodorkeun patanyaan ka Mang Éro, “Naon wangun usaha nu jadi andelan warga?” Jawabna téh, simpel pisan, “Seuseurna didamel di BRI”.
Wah, wah, hébat pisan, pikir téh. Sanajan urang désa, geuning, loba nu digawé di bank nu geus teu diragukeun deui krédibilitasna. Hartina, kualitas SDM warga desa
téh geus mapakan. Haté rada ciut, sabab urang kota ogé henteu kitu. Komo deui kiwari, rek gawé téh hésé kacida. Nya ari sakadar gawé mah, loba, di rorompok ogé masih numpuk nu kudu dibebenah, tapi sual upah, jadi sual séjén.
“Teu kedah bingung, Pa,” témbalna deui, surti. “Abdi sakaluwarga ogé, pédah badé lomba, wangsul heula. Seuseueurna mah ngumbara. Arusaha, aya nu di Jakarta, Bandung, atanapi Yogya, nya, di BRI téa alias icalan Bubur (lacang héjo), Roko, jeung Indomie, héhéhé.”
Di Kuningan, aya hiji désa, ngaranna Désa Kertayasa, Kacamatan Sindangagung. Lambang désana, mun teu salah, mangkok bubur. Éta mangrupa ciri, yén usaha warga, lolobana tina bubur. Sanajan mangrupa séktor informal, mirip tukang jamu ti Wonogiri, tapi geus jadi séktor andelan. Nurutkeun data, di Yogya upamana, aya 400-an pangkalan burjo kalayan miboga pagawé antara 1500 tepi ka 2000. Tim survéy ti UGM kungsi nyodorkeun conto—méméh kajadian lini di Kacamatan Dépok,
Sleman, aya kurang-leuwih 75 warung. Nu bogana 134 urang, sedengkeun nu milu gawé aya 160 urangna. Ti 134 pemilik pangkalan, maranéhna boga 111 rubiah (pama­jikan), 162 anak. Sedengkeun ti 160 pagawé, bisa nanggung 39 jiwa. Jadi mun dijumlah-jamléh mah, lumayan, tina éta 75 warung téh bisa “ngahirupan” 700-an jiwa.
Ditilik tina élmu ékonomi, pola bisnis burjo condong nepotisme. Networking-na kuat. Aki, bapa, atawa paman. Dipimilik jeung dikokolakeun, nya, ku kulawarga. Mun teu kitu, rekruitmen pagawé masih deukeut-deukeut kana baraya atawa tatangga. Rundayanna jelas. Sabab, pagawé nyekel kadali. Meuli bahan olahan, mayar rétribusi, terus alokasi pengeluaran ogé dicekel ku inyana. Nu boga modal atawa nu boga warung henteu salilana nungkulan. Apan pangkalanana gé lain ukur hiji. Pagawé boga hak prérogatif pikeun ngokolakeun usaha tur anggaran. Malah, sistem bagi hasil ogé apan lolobana dumasar kana jumlahna jaga. Arus muterna duit lain saeutik.
Mun tempatna strategis, unggal poé bisa ngahasilkeun leuwih ti satengah juta. Malah, paling saeutik, rata-rata 200 tepi ka 300 rébuan. Bisa disawang, pihak pemodal, mun boga warung misalna sapuluh, sabulanna bisa meunang “gaji” sabaraha? Mun geus kapanggih koncina, naon baé ogé matak pikabitaeun.
Tinimbang mikir nu teu puguh, atawa ngumbar lamunan ka alakpaul, komo dina sinétron loba nu hayang beunghar kalawan instan, nya mending usaha di sektor informal pan? Mun rék balaka, dunya “burjo” téh prospéktif, Coy!

MASARAKAT ADAT


PAPAGON dina masarakat adat mah alam baris méré kahadéan lamun maranéhanana gé ngajaga tur ngamumulé alam sabudeureunana. Kaarian terus mekar. Sikep mikahor­mat alam minangka cecekelan hirup nu diwariskeun di komunitas masfan lokal tetep dipiara najan jaman terus mekar.
Sikep mikahormat alam minangka cecekelan hirup nu diwariskeun di komunitas masarakat adat. Mun alam geus ruksak, mangka katingtriman hirup gé bakal kaganggu. Tapi, ka béhdieunakeun, dina kamekaran jaman nu teu nolih kana kaarifan, loba lahan adat nu kedéséh. Kadéséh ku pihak-pihak nu hayang ngamang­paatkeun lahan adat, saperti pikeun villa, pabrik, pakebon­an, atawa wangunan séjénna. Alam masarakat adat nu ngawengku lahan, leuweung, gunung, katut walungan, nu salila ieu jadi sumber kahirupan maranéhanana, bet jadi saperti nu leungit.
Masarakat adat leungiteun sumber kahirupanana, alatan lahanna geus dipimilik ku batur. Komunitas masarakat adat di nagara urang teu weléh aya dina nasib katalangsara. Padahal, masarakat adat sarta nu jadi hak-hakna téh sakuduna mah bisa hirup kumbuh kalawan tingtrim. Meureun wajar dina mangsa penjajahan mah mun maranéhanana téh katalangsara. Sabab, sakur jiwa gé ngalaman katalangsara. Tapi, kacida tragis mun nasib masarakat adat teu robah, tetep katalangsara, dina jaman urang geus merdéka. Kiwari, teu saeutik aya kajadian konflik antara masarakat adat jeung pihak-pihak nu ngaku geus miboga lahan masarakat adat. Nu ngaku miboga, ngarasa boga hak alatan dibekelan hak guna usaha (HGU). Sedengkeun masarakat adat satekah polah mertahankeun lahanna, nu dipercaya minangka warisan ti karuhunna. Antukna, prinsip masarakat adat nu basajan téh kaancam leungit nyanghareupan pihak-pihak nu hawek, nu ukur néang kauntungan wungkul. Kasarakahan maranéhanana nu teu tanggungjawab téa, ngabalukarkeun katingtriman masarakat adat kaganggu jeung lingkungan jadi ruksak.
Ku mindengna kajadian samodel kitu, ngabalukarkeun masarakat adat mingkin kadéséh. Kitu deui mun pamarén­tah netepkeun kawijakan patali jeung wilayah adat bari teu ngabaud masarakat adat nu geus dumuk ti béh ditu mula di éta wilayah, tangtu masarakat adat gé baris kadéséh. Padahal, musawarah téh minangka wujud mihor­mat ka masarakat adat jeung hak-hakna nu ditangtayung­an ku undang-undang. Sakuduna, tong aya deui kajadian kadéséhna komunitas masarakat adat téh, boh dina sual lahan boh dina sual kabebasan ngalaksanakeun adat maranéhanana. Ku sabab nagara urang geus netepkeun undang-undang pikeun nangtayungan masarakat adat. Éta hal luyu jeung katangtuan internasional, nu ogé geus diaku ku nagara urang. Dina pasal 6 ayat 1 Undang Undang (UU) Nomor 39 Taun 1999 ngeunaan Hak Asasi Manusia (HAM), kalawan teges nagara nangtayungan komunitas masarakat adat. Kieu unina téh, “Pikeun nanjeurkeun hak asasi manu­sa, perbédaan jeung pangabutuh masarakat hukum adat kudu diperhatikeun tur ditangtayungan ku hukum masarakat katut pamaréntah”.
Sedengkeun dina ayat 2, unina téh, “Jatidiri budaya masarakat hukum adat, kaasup hak lahan ulayat, ditang­tayung­an luyu jeung kamekaran jaman”. Pon kitu deui, masarakat adat nu kaasup kana kelompok minoritas gé kudu ditangtayungan ku nagara. Dina pasal 27 Kovenan Internasional ngeunaan Hak Sipil jeung Pulitik, nyebut­keun, “Di nagara-nagara nu aya kelompok minoritas dumasar kana étnis, agama, atawa basa, hak-hak éta kelompok minoritas téh tong diganggu, dina komunitas papada anggota séjén ti kelompok maranéhanana, enggoning ngararasakeun budaya maranéhanana so­rangan, pikeun ngalaksanakeun jeung ngamalkeun ageman maranéhanana, atawa pikeun ngagunakeun basa maranéhanana”. Ku kituna, tong aya deui ijin muka pake­bonan, pangusahaan leuweung, atawa kagiatan pertam­bang­an, nu enya-enya ngarempak wates-wates wilayah lahan adat, nu saenyana mah geus dipimilik ku masarakat adat ti béh ditu mula.  Ogé, ka masarakat adat kudu dibéré kabébasan pikeun ngalaksanakeun tradisi adatna, kaasup dina ngalaksanakeun nu jadi agemanana.
Hak masarakat adat pikeun ngagem ageman katut kapercayaan luyu jeung pilihanana téh aya dina pasal 22 UU No. 39/1999 ngeunaan HAM, unina, “Sakur jalma bebas ngagem agemanana séwang-séwangan tur pikeun ngalaksanakeun ibadahna luyu jeung ageman katut kapercayaanana”. Dina ayat séjénna ditegeskeun, “Nagara ngajamin kamerdekaan sakur jalma pikeun ngagem agemanana séwang-séwangan katut ngalaksanakeun ibadahna luyu jeung ageman tur kapercayaanana”. Kalawan teges konstitusi geus ngajamin jeung nangtayung­an hak-hak masarakat adat. Ku kituna, nagara wajib nga­wu­jud­keunana. Ulah ieuh aya alesan nagara teu mampuh ngawujudkeunana. Da saenyana mah pikeun ngawujud­keun kamampuh téh kacida gampilna, nyaéta ku cara ném­bongkeun kalawan enya-enya dina kawijakanana sangkan teu weléh mihak kana kapentingan masarakat adat. Lain mihak kana kapentingan pihak-pihak nu ngan ukur néang kauntungan wungkul.
Lamun téa mah hak masarakat adat téh dibaékeun, éta hartina nagara geus ngalakukeun pelanggaran HAM.

Basa, Kasenian, jeung Kahirupan Sunda

KU ayana kamekaran téknologi internét nu  ngarambah nepi ka tepis wiring, tétéla mawa pangaruh nu kalintang hadé kana kahirupan basa Sunda. Sanajan téknologi datangna ti deungeun, tapi lain hartina mareuman basa Sunda. Perkara ieu bisa diimeutan dina sawatara jejaring sosial, saperti facebook. Réa diantarana anu tara asa-asa deui ngawangkong téh ku basa Sunda tur bisa kabaca ku balaréa. Malah aya rasa kareueus kana basa Sunda, mangsa bisa ngawangkong ngagunakeun basa indung. Lebah dieu, bisa dicindekeun yén naon rupa anu jolna ti deungeun téh henteu salawasna goréng, malah nu hadé ogé kacida réana. Kilang kitu, kalintang gumantung kana kumaha carana urang ngamangpaatkeunana pikeun kahadéan.
Poé basa indung anu dipiéling saban 21 Fébuari tangtu bakal leuwih haneuteun ku ayana natrat yén basa indung téh hirup kénéh, dina harti masih diparaké ku masarakat dina wangkongan sapopoé. Lain baé basa Sunda, da kaasup basa indung sélér séjénna ogé jadi leuwih hirup ku ayana kamekaran téknologi. Lebah dieu seukeutna sawangan UNESCO téh, anu antukna netepkeun 21 Fébuari minangka Poé Basa Indung Internasional.
Héabna sumanget pikeun ngamumulé basa Sunda ogé bisa karasa ti kalangan rumaja. Contona, dina Féstival Drama Basa Sunda (FDBS) Pelajar anu diayakeun ku Téater Sunda Kiwari, pesertana bisa ngajaul ngaleuwihan targét panitia. Sabada pendaptaran FDBS Pelajar ditutup, kacatet 49 grup téater rumaja nu miluan dina éta féstival. Lain baé patandang ti Jawa Barat, da aya ogé peserta anu jolna ti Banten. Basa Sunda henteu bisa dipisahkeun ku wilayah administratip. Komo deui Banten mah kapan sidik Sunda pisan.
Sajabana ti FDBS Pelajar anu digelar ti tanggal 7 nepi ka 27 Fébuari, di Gedong Kasenian Rumentangsiang ogé maneuh dipidangkeun rupaning kasenian Sunda, kayaning tari tradisonal, sandiwara Sunda, longsér, jeung sajabana. Beuki pikabungaheun basa nengetan personilna leuwih réa  didominasi ku kaum rumaja. Sandiwara Sunda mimiti neut-neutan deui, dipidangkeun sacara maneuh di Rumentangsiang. Grup Sri Murni jeung Ringkang Gumiwang kaasup dua grup sandiwara nu mindeng ngagelarkeun pintonan di Rumentangsiang.
Ku leuwih hirupna basa Sunda, boh di dunya maya atawa dina kahirupan sapopoé, dipiharep mawa pangaruh hadé pikeun masarakat. Budaya Sunda tetep bisa kajaga pikeun ngawangun kahirupan nu silih asah, silih asih, tur silih asuh. Réréongan dina kahadéan, wanoh jeung baraya katut tatangga, muga leuwih natrat deui. Urang Sunda bisa ngigelan kamekaran jaman, bari henteu kudu ngaleungitkeun idéntitasna salaku urang Sunda. Pon kitu deui, taya salahna mikaresep kasenian deungeun kalayan henteu kudu mopohokeun kasenian banda urang.
Dina mangsa globalisasi kiwari, taya deui pilihan iwal ti kudu wani aub tarung dina persaingan. Urang Sunda kudu siap tandang makalangan sangkan henteu jadi galandangan di lembur sorangan. Pangpangna mah nurutkeun data statistik, di lembur sorangan ogé tétéla urang Sunda méh kaléléd ku para pendatang. Widang ékonomi, pulitik, katut kasenian, ulah nepi ka kajadian jati kasilih ku junti. Urang Sunda kudu bisa hirup kalayan walagri di lemah cai Sunda. Ironis kabina-bina mangsa nyaksian urang Sunda nu teu kabagéan pacabakan tur teu mampuh mibanda pangiuhan. Di sisi séjén, réa nu hirupna medah-meduh, malah ngarasa bingung kudu kumaha méakeun raja kaya.
Dina kaayaan sarupa kitu, naha kamana atuh palsapah “silih asih” téh jeung sasama téh? Naha urang bet téga ngantepkeun baraya nu katalangsara di sarakan sorangan? Ku kituna, lain baé ngamumulé basana jeung kasenianna, tapi nu leuwih utama mah miara ajén inajén jeung saripati kalinuhungan budayana pikeun dipraktékeun dina kahirupan sapopoé.
Lamun “silih asah, silih asih, jeung silih asuh” geus bisa diterapkeun dina kahirupan sapopoé, tangtu beuki éndah Sunda téh. Éndah alamna, éndah kahirupanana. Hirup basana, hirup kasenianna, tur hirup budayana. Apan harti “Sunda” téh éndah. Rék ditarjamahkeun kana basa naon ogé, “Sunda” mah salawasna éndah tur reumbeuy kahadéan.***

Seuhah Lata-lata


LAMUN diibaratkeun kana rarasaan mah, kahirupan jaman kiwari téh keur meujeuhna lada kabina-bina, anu  dina dongéng sasatoan mah disebutna téh seuhah lata-lata! Dina widang kabudayaan, ékonomi, pulitik, hukum, jeung sajabana éstuning teu weléh harénghéng tur matak jangar ngabandunganana. Krisis idola geus nembrak kanyataanana. Masarakat leuwih resep ka pamaén sépakbola batan ka para pamingpin nagara. Lantaran, kiwari geus ngurangan kapercayaan téh ku ayana pamaréntah katut wakil rahayat tacan nedunan jangji-jangjina anu kalintang araruduh dina jaman kampanye.
Kaayaan pamaréntahan téh asa leuwih deukeut kana bobodoran. Contona ngistrénan kepala daérah di LP. Sidik matak ditahan ogé ku lantaran jadi tersangka korupsi, tapi keukeuh diistrénan. Jadina matak pikaseurian basa manéhna ngucapkeun jagnji jeung sumpah jabatan, anu jelas-jelas ti saméméhna ogé geus dirempak. Rék kumaha rayat percaya ka pamaréntah nu siga kitu? Wakil rayat ogé katingalina taya ketak nanaon, lantaran studi banding ngeunaan étika ogé kapan kalah ka Yunani. Padahal lamun hayang neuleuman étika linuhung, wakil-wakil rayat téh asa leuwih hadé studi banding ka wewengkon nu mibanda ajén-inajén budaya linuhunng. Dianataran neuleuman kaarifan lokal, ajén budaya lemah cai nu kacida linuhung, diajénan ku masarakat dunya, sarta awahing ku resep mah apan aya anu diiwat tur disaluyukeun jeung budaya nagarana. Ari nu gogana, kalah apruk-aprukan ka Yunani, anu teu hir teu walahir, tur moal nyambung jeung kapribadian bangsa Indonésia.
Bobodoran séjénna nu keur meujeuhna ditaranggap téh contona kasus Gayus Tambunan, nu teu weléh jadi bahan catur. Ongkoh dibérok, tapi bisa ulin ka Bali jeung luar nagri. Cacak anu teu dibérok ogé apan sakitu héséna hayang ngahajakeun ulin ka Bali, komo ka luar nagri. Éta téh kakara Gayus, anu jabatanna ogé teu sabaraha luhur. Komo atuh pajabat saluhureunana, tangtu baé ngahunang-ngahening téh tangtuna lain akon-akon. Hanjakal nu nanjeurkeun hukum téh henteu kumawani ngabongkar kelas kakapna mah, sangkilang geus sakitu écésna katerangan ti Gayus. Kétang, ngurus Gayus ogé sakitu ketar-ketirna, rupaning aturan diburak-barik ku Gayus. Seuhah lata-lata pokona mah.
Keur meujeuhna seuhah lata-lata, ana térékél téh rega céngék ngajaul. Réa jalma nu geus teu kabeuli céngék. Atuh anu maksakeun meuli ogé ukur tamba henteu wé keur nambahan samara. Kadaharan nu lada geus kaitung langka, anu antukna hayang seuhah lata-lata téh merelukeun waragad nu mahal. Teu sagawayah jalma bisa seuhah lata-lata, kajaba sakadang monyét anu malingan céngék di kebon Pa Tani. Ku ayana Sakadang Monyét gogorowokan “Seuhah Lata-lata”, antukna katohyan ku Pa Tani. Nu boga dosana kabur. Ari nu kacerekna Sakadang Kuya, anu teu bisaeun lumpat tarik. Sakadang Kuya rék dipeuncit ku Pa Tani, tapi saméméhna dikurungan heula. Sabot keur dikurungan, Sakadang Monyét ngalongok. Ti dinya Sakadang Kuya meunang akal keur ngabales kaculasan Sakadang Monyét. Ceuk Sakadang Kuya, manéhna rék dikawinkeun ka anakna Pa Tani nu kalintang geulis. Puguh baé Sakadang Monyét kabitaeun. Sakadang Monyét ngolo sangkan anu dikurungan téh dihilian baé ku manéhna. Sakadang Kuya satuju, kalayan saratna ménta digandong tur dialungkeun ka leuwi. Atuh geus sapuk kitu mah, Sakadang Monyét teu kalékéd nedunan kahayang Sakadang Kuya, sarta anu dikurungan téh dihilian. Teu béda sigana jeung Kasiem anu ditukeuran ku Karni di pangbérokan jaman kiwari.
Isukna Pa Tani geus tatahar rék meuncit Sakadang Kuya. Atuh puguh Sakadang Monyét kacida ngaranjug. Ngabayangkeun rék dikawinkeun jeung anak Pa Tani, kalah dipangasahkeun bedog. Hiji-hijina jalan pikeun nyalametkeun diri nyaéta api-api paéh. Teu béda jeung para koruptor jaman kiwari, anu sok papaéhan, mangsa geus katohyan ngabangsat duit rayat.
Perelu dibebenah deui cara ngokolakeun nagara téh. Pangpangna dina pasulan étika. Piraku mani geus taya kapeundeul pisan ngabohongan rayat jeung ngagasak duit rayat téh. Mangsa duit pajeg digasak ku Gayus sabalad-balad, Dirjen Pajak masih kénéh taya kapeundeul masang iklan dina télévisi, nitah masarakat sangkan tumut mayar pajeg, kalayan ngagunakeun dialog nurutan Naga Bonar, “Apa kata dunia?” Padahal, dunya mah moal nyarita nanaon lamun masarakat geus teu bisa mayar pajeg ogé. Justru “apa kata dunia” téh lamun pamaréntah henteu bisa ngabongkar kasus Gayus tug nepi ka kacerek jeung tingkat gegedénna.
Enyaan, teu béda jeung dongéng Sakadang Monyét maling céngék di kebon Pa Tani. Nu seuhah Lata-lata sakadang Monyét, ari nu dicerekna Sakadang Kuya. Yu geura, urang mukaan deui dongéng-dongéng sasatoan nu asli gumelar di tatar Sunda. Tuluy bandingkeun jeung kahirupan jaman kiwari.***

Tulak Bala Singlar Runtah


PASUALAN runtah di Bandung tacan tuntas sanajan geus aya Tempat Pembuangan Akhir(TPA) di wewengkon Cigending, Cipatat, Kabupaten Bandung. Nepi ka kiwari ogé runtah masih tingtalambru di sawatara jarian samentara. Teu pamohalan,  sababaraha taun deui, runtah bakal ngahunyud. Sabab, produsén runtah beuki rongkah, kalayan henteu diimbangan ku cara ngokolakeun anu idéal. Solusina lain sakadar néangan lahan TPA anu lega. Pangna kitu, lantaran salega-legana lahan anu disayagikeun, lila-lila mah bakal mentung ngagunung nampung runtah urang Bandung.
Mangkaning sasaha ogé geus pada awal, yén runtah téh bisa ngadatangkeun mamala atawa balai. Geus puguh sabangsaning panyakit alatan polusi. Katambah deui pangalaman tragédi ngabeledugna gunung runtah di TPA Leuwigajah nu geus ngubur kampung-kampung sakuliah Leuwigajah jeung tatar Batu Jajar (21/02/05). Geus puguh harta banda, dalah korban jiwa ogé henteu bisa disingkahan ku ngamukna sakadang runtah harita. Hiji bukti yén runtah lain pasualan anu bisa dianggap énténg.
Tina bala alatan runtah, bisa ngalantarankeun balai. Ku ayana kitu, kudu buru-buru mapatkeun jampé tulak bala singlar runtah. Ari tulak bala téh sabangsaning jajampéan atawa dunga pikeun nyingkahan balai. Sasarina jampé tulak bala dipapatkeun dina upacara tradisi ritual, saperti ngaruat jagat, hajat bumi, ngalaksa, jsté. Tulak bala ogé aya anu sok dipirig ku waditra anu dianggap sakral, saperti  angklung gubrag, terbang pusaka, jsté. Tapi jampé jeung téknis tulak bala nyinglar runtah  mah kawilang basajan. Bisa dipapatkeun ku sakumna urang Bandung, kalayan henteu perelu ngalibetkeun Jurig Jarian.
            Saméméh diajar mapatkeun tulak bala singlar runtah, taya salahna maluruh heula kasangtukang runtah. Sanajan henteu kungsi ngawawancara runtah, tapi bisa dipastikeun produsén runtah pangrongkahna mah jolna ti rumah tangga. Sabéngbatan mémang moal katingali loba, da puguh ti saimah téh rata-rata ukur sakérésék atawa dua kérésék. Tapi ari dikalikeun jeung sakabéh imah di Bandung mah, tangtu jumlahna bisa nepi ka ratusan rébu méter kubik. Ku ayana kitu, salah sahiji jalan anu bisa disorang nyaéta ngurangan jumlah runtah ti saban imah.
            Pikeun babandingan, masarakat pilemburan mah asa tara nyanghareupan pasualan runtah. Sabab ti baheula ogé geus surti dina ngokolakeun runtah. Contona misahkeun runtah organik jeung an-organik. Runtah baseuh sasarina diruang, demi runtah garing bisa disalurkeun ka tukang rongsokan atawa diduruk. Naon pasualanana ngaduruk runtah? Sanajan bisa nimbulkeun dioksin anu henteu séhat pikeun diangseu, tapi bakal leuwih henteu séhat lamun patulayah tur ahirna ngotoran lingkungan.
            Di Bandung, mémang pamohalan ngaruang runtah baseuh di sabudeureun imah. Sabab, umumna henteu nyayagikeun lahan pikeun ngurus runtah. Cukup boga tong runtah di hareupeun imah, kalayan henteu ngarasa perelu mikiran ka mana éta runtah dipiceun. Lantaran ngarasa geus mayar iuran runtah téa, antukna loba anu teu harayang nyaho itu-ieuna. Nu penting mah di wewengkonna beresih, kajeun teuing di wewengkon batur mah barala ogé. Nu penting mah di wewengkonna henteu barau runtah, kajeun teuing di wewengkon batur mah barau runtah ogé. Sikep égois anu méh teu karasa, geus nerekab ka sawatara pangeusi Bandung.
Loba masarakat anu nampik upama wewengkonna rék dijieun TPA. Puguh baé lumbrah, lantaran maranéhna ngeunteung kana gagalna cara ngokolakeun TPA. Antukna TPA idéntik jeung kumuh, rarujit, barau, sarta ngabahayakeun kasalametan jiwa. Sabenerna éta anggapan téh bisa dirobah upama TPA dikokolakeun kalayan hadé tur daria. Contona ku cara ngahangkeutkeun kagiatan ngolah runtah jadi gemuk. Ku cara kitu, masarakat baris ngabagéakeun wewengkonna dijieun TPA, lantaran bisa nyiptakeun arawa ngalegaan lahan pacabakan. Salila ieu, kagiatan ngolah runtah ukur jadi wacana, henteu dibarung prakna, sakurang-kurangna henteu pati daria.
Anu leuwih mungkin ditaratas pikeun nyiar solusi pasualan runtah, taya deui iwal ti ngayakeun gawé bareng antara pamaréntah jeung sakumna masarakat. Lamun ukur ngandelkeun pamaréntah, nepi ka iraha ogé moal aya réngséna. Sakali deui, kudu aya rampak gawé anu harmonis antara pamaréntah jeung masarakat. Kahiji, wayahna pamaréntah kudu nyayagikeun dua rupa mobil paranti ngangkut runtah, nyaéta pikeun runtah baseuh jeung runtah anu garing. Lamun waragad maén bal anu jumlahna miliaran bisa kahontal, piraku baé henteu kabeuli mobil paranti runtah.
Sanggeus sayagi dua rupa mobil runtah, tangtuna ogé kudu diimbangan ku nyayagikeun dua rupa TPA, pikeun nampung runtah baseuh jeung runtah garing. Ku cara kitu, anu sok mulungan runtah ogé bakal sujud syukur, lantaran leuwih babari ngumpulkeun barang-barang anu payu kénéh kana duit. Apan éta téh kaasup pagawéan mulya anu mugia baé aya dina karidoan-Na.
            Satuluyna, saha anu kudu misah-misahkeun runtah baseuh jeung garing? Taya deui, iwal ti masarakat di saban imah.  Mun perelu, nyieun dua tong sampah keur runtah baseuh jeung runtah garing. Éta pisan wujud partisipasi nyata masarakat nu kalintang mangpaatna. Sabab, pasualan runtah mah gumantung pisan kana sikep saban individu dina ngokolakeun runtah. Sanajan pamaréntah bébéakan ngurus runtah, moal aya anggeusna lamun henteu bisa ngahudang kasadaran masarakat dina ngokolakeun runtah. Lain baé pasualan pamaréntah anu tacan bisa ngokolakeun runtah, tapi perkara méntal masarakat ogé henteu kurang pentingna.
            Jajampéan tulak bala singlar runtah mah kawilang basajan. Mangga cobian papatkeun bari peureum atawa bari beunta, atawa bari peureum beunta: “ciwit heula diri sorangan, saméméh nyiwit batur; Ambeuan heula runtah sorangan, saméméh neumbleuhkeun bau ka baturLamun kaambeu bau, pék pikiran carana sangkan batur henteu katempuhan kudu nyeuseup nu barau téa”.
Pikeun sing saha baé anu irungna masih kénéh normal, pasti bakal milu titén kana pasualan runtah, sakaligus mibanda tékad pikeun milu partisipasi dina mulangkeun deui citra Bandung jadi kota kembang.***

KONGRÉS PAMUDA SUNDA, “EUNTEUNG BEUREUM” NU JADI MARGA


eungteuingeun eunteung beureum,
Keretas daluang Cina
Teungteuingeun deungeun-deungeun,
Neken téh kabina-bina
Paneungteuinganan deungeun dina dasawarsa 1950-an anu jadi kasangtukang diayakeunana Kongrés Pamuda Sunda téh. Mimitina muncul isu pulitik “non” jeung “co”.Urang Sunda dituduh “co”, gawé bareng jeung Walanda dina mangsa revolusi kamerdekaan taun 1945-1949. Hartina dituding hianat kana perjoangan.

Terus dituduh provinsialistis jeung ngagegedékeun sukuismeu deuih. Loba gegedén urang Sunda anu digésér sacara teu étis tina kalungguhanana di pamaréntahan di Tatar Sunda. Nu ngagantina deungeun-deungeun anu tacan puguh kamampuhna.

Gangguan kaamanan teu eureun-eureun. Gorombolan Kartosuwiryo ngagalaksak padésaan. Rajakaya rahayat dirampas, imahna diduruk, nyawana didorhos (dipaténi).Nya loba urang pasisian anu ngungsi ka kota-kota bari henteu mawa bekel modal jeung kaparigelan. Puguh wé hirupna kadungsang-dungsang.
Para nonoman nu rék nyiar pangarti ka paguron luhur réa barebedanana. Hayang kuliah téh kudu indit ka Yogyakarta atawa Jakarta. Harita mah di lembur sorangan mah tacan renung paguron luhur cara ayeuna. Aya gé ITB (Institut Téhnologi Bandung), tapi da éta mah keur para nonoman sa-Nusantara, katurug-turug ngan ngulik élmuning téhnik baé.

***
TINA beurat ku bangbaluh, kuniang urang Sunda téh hudang, terus singkil. Dug-deg organisasi kasundaan anu udaganana pikeun ngabéla diri, ngahadéan nasib, jeung merjoangkeun pikahareupeun. Boh sepuh boh no­noman parahi ngadegkeun organisasina masing-masing. Aya Pangauban Sunda, Sunda Budaya, Daya Sunda, Daya Mahasiswa Sunda, Nonoman Sunda, katut Putra Sunda.

Sangkan henteu aing-aingan, organisasi urang Sunda anu réa rupana téh aya nu meungkeut. Sawatara organi­sasi ti kalangan sepuh ngahiji dina Badan MusawarahSunda (BMS) anu dipingpin ku Mr. Iwa Kusuma Sumantri. Ari organisasi para nonomanna ngahiji ngariung dina dapuran Front Pamuda Sunda (FPS).

Gagasan Kongrés Pamuda Sunda jolna ti Ajip Rosidi, anu harita umurna kakara 18 taun. Puguh wé aya kasang tukangna. Harita sumebar pamflet ti Front Pamuda Sunda anu ditawis ku Adeng S. Kusumawijaya minangka Ketua Umum, katut Ajam Syamsupraja, minangka Sekretaris Jenderal. Pamflét téh kalawan ngagunakeun basa anu sugal garihal eusina ngiritik, malah nyarékan ka pamingpin Partéy Nasional Indonesia (PNI) Jawa Barat, pamaréntah pusat (Présiden Sukarno), jeung urang Jawa.

Réa nu méré koméntar, babakuna papada urang Sunda. Aya nu panuju, aya deuih nu nolak kana eusi jeung cara nepikeunana éta pamflét. Urang Sunda parebut bener jeung urang Sunda.

Dina karéta api ka-Bandungkeun, pok Ajip nyarita ka baladna, Olla S. Sumarna Putra, “Lamun kitu, perelu pisan diayakeun hiji Kongrés, sangkan sakabeh urang Sun­da, tokoh-tokohna, bisa madungdengkeun naon jeung kumaha kahayangna. Ulah cara ayeuna, dibandunganana dina surat-surat kabar nu paraséa téh bet Sunda pada Sunda, pédah béda-béda pamanggih jeung kapentingan; nu temahna mah baris ngarugikeun urang Sunda umumna baé.”
Gagasan pikeun ngayakeun Kongrés, meunang pangbagéa ti papada aktivis kasundaan. Prak tatahar, antarana ku jalan ngariung di bumina Létnan Kolonel Akil Prawiradirja, di Jalan Salatiga, Jakarta. Ngariung deui di Bogor, di panganjrekanana Saikin Suriawijaya,anu harita masih keneh mahasiswa IPB (Institut Pertanian Bogor), di Jalan Tampomas.

Nu ruang-riung téh sawatara pamuda katut mahasis­wa Sunda, babakuna anu dumuk di Bogor jeung Jakarta. Aranjeunna mutuskeun, yén Kongrés Pamuda Sunda ba­ris diayakeun di Bandung, puseur dayeuh Tatar Sunda, tur waktuna bulan Oktober bari sakalian miéling Sumpah Pamuda.

Panitia katut rarancang Kongrés disusun dina riungan di Gang Maksudi, Pabaki, Bandung, di bumina Tatang Suriaatmaja, bulan Séptémber 1956. Nu ngariungna leuwih rempeg. Aya utusan ti Jakarta, Bogor, Tasikmalaya, Ciamis, Cianjur, jeung ti kota séjénna, sagédéngeun wawakil pribumi ti Bandung.

Panitia Kongrés dipingpin ku R.A.F. (Rahmatullah Ading Afandie) minangka Ketuana kalawan Tatang Kosasih nu jadi Sékértarisna. Demi masalah anu rék di-sawalakeun nyindekel kana tilu widang: (1) kaamanan, (2) sosial ekonomi, jeung (2) kabudayaan. Anu kapeto ngajejeranana nyaéta Jerman Prawirawinata katut Hamara Éffendi dina widang kaamanan, Sukhyar Tejasukmana katut Dayat Harjakusumah dina widang sosial ékonomi, jeung Buyung Saleh Puradisastra katut Mh. Rustandi Kartakusuma dina widang kabudayaan.

Méméh prung Kongrés, panitia ngayakeun sosialisasi Kongrés ka sakuliah Tatar Sunda, sakalian umajak sangkan réa nu milu Kongrés. Ari nu ngadongdon ka daérah-daérah téh aya sawelas urang, nyaéta R.A.F., Tatang Kosasih, Saikin, Alibasyah, Sanusi, Ajam Syamsupraja, Parma D. Sunarya, Nana Sutresna, Utuy Tatang Sontani, Olla S. Sumarna Putra, jeung Ajip Rosidi.

Umumna panarimaan ti urang daérah kayaning ti Subang, Sumedang, Cirebon, Kuningan, Ciamis, Tasik, Garut téh hadé pisan. Urang daérah gé nyanggupan rék ngirimkeun utusanana. Sajeroning kukurilingan téh anggota rombongan nyaksian sorangan kumaha gangasna gorombolan Kartosuwiryo jeung kumaha matak ngerikna kasungkawa rahayat.
Luyu jeung nu geus ditataharkeun, Kongrés Pamuda Sunda diayakeun di Bandung, tanggal 4-7 Nopember 1956. Acara pembukaaanna lumangsung di Hotél Orient (kiwari geus sirna), Jalan Asia Afrika. Ari sawalana mah lumangsung di gedong YPK (Yayasan Pusat Kabuda­yaan), Jalan Naripan.

Dina prungna Kongrés, teu wudu réa pisan nu miluna. Basa Kongrés dibuka nu nungkulan moal kurang ti 300 urang. Lian ti utusan ti daérah-daérah sa-Tatar Sunda (20 kabupatén jeung kotabesar), aya deuih utusan ti Jakarta, Yogyakarta, Semarang, jeung Tanjungpinang minangka wawakil masarakat Sunda nu mangkuk di éta kota. Dijumlah-jamléh, utusan nu datang ka Kongrés téh 111 urang.

Gegedén gé sarumping. Ti antarana baé aya Walikota Bandung, R. Enokh; Wakil Panglima TT III (kiwari Kodam III Siliwangi) Letkol Sambas; Mentri Dalam Negeri RI (anu munggaran) manten R.A.A. Wiranatakusumah, Mentri Dalam Negeri manten Sewaka, Mentri Pertahanan manten Mr. Iwa Kusuma Sumantri, katut Kolonel Sukanda Bratamanggala.

Basa biantara poéan muka Kongrés, 4 Nopember 1956, ba’da Magrib, Ketua Panitia R.A.F. nyebutkeun, “Pamuda nyekel tanggung jawab anu bangga dina sagala pasualan masarakat. Soal daérah jadi hiji soal munel dina pasualan-pasualan nasional. Masarakat Pasundan beuki dieu beuki ramijud dina sagala lapangan. Beuki meuweuhna rasa katugenah jeung kateusugema nu nyangkaruk di lingkungan masarakat Sunda, ku meuweuhna kapincangan-kapincangan nu karasa.

“Pasualan daérah teu bisa ngan wungkul dipasrah-keun ka deungeun-deungeun, tapi pangpangna kudu di-garap ku urang daerah pribadi… Panitia dibere kawajib-an ngawujudkeun Kongrés Pamuda Sunda nu tujuanana baris nyieun jalan nu kongkrit, nu positif, enggoning me-reskeun ieu kaamanan lembur matuh nu sakieu kacekek-na, pikeun ngahadean sosial ekonomi nu sakieu ramijud-na, sarta madungdengkeun soal kabudayaan Sunda, anu ayeuna tanda hirupna téh pedah ngambekan wungkul,

“Jadi… .ieu Kongrés sanés badé jadi aréna pikeun ngaduregengkeun kateusugema, tapi bakal jadi musawarah pikeun manggihan jalan-jalan anu kongkrit pikeun ngubaran katugenah jeung kateusugema nu aya, sarta pikeun nyegah timbulna deui katugenah jeung kateusugema.”

Ti para gegedén, nu maparin biantara téh antarana ti Kolonel Suprayogi minangka Pj. Panglima T.T. III Siliwangi. Biantarana biantara tinulis anu didugikeun ku Letkol. Sambas. Mr. Iwa Kusuma Sumantri, Ketua Badan Musawarah Sunda, deuih nu ngiring sasauran téh.

Saur Pj. Panglima T.T. Ill Siliwangi, “Waktu yang Saudara-saudara pilih (di antara Sumpah Pemuda dan Hari Pahlawan) … sangat tepat sekali. Tempat yang Saudara-saudara pilih ialah kota Bandung, ialah tempat di mana beberapa hari lagi akan dilangsungkan pelantikan Dewan Konstituante, Déwan yang akan menyusun Undang-undang Dasar yang tetap bagi negara kita…

“Tidak ada gunanya kita marah karena kekecewaan-kekecewaan yang telah dialami. Tidak ada gunanya kita menyesali kesalahan-kesalahan di masa lampau. Kekece­waan dan kesalahan itu justru harus bisa kita pergunakan untuk membenarkan langkah di masa depan, supaya ke­salahan jangan berulang, supaya kekecewaan jangan melimpah.”

Ari saur Mr. Iwa Kusuma Sumantri, “Pamuda Sunda perlu leuwih mentingkeun olah-raga keur kaséhatanana, perlu leuwih mentingkeun pangajaran keur ngangkat kanyahona, sarta perlu leuwih giat digawé keur perékonomianana. Sanajan kitu, ku lantaran urang Sunda hirup kumbuh sarta berjuang babarengan jeung suku-suku bangsa Indonesia lianna, tangtu baé rasa kasundaanana kasengker ku rasa solidaritas jeung suku-suku bangsa Indonésia nu séjén téa…

Tapi tangtu bae urang henteu sudi kasered batur, henteu sudi jadi kékéséd batur. Ku lantaran éta para nonoman Sunda ayeuna ngoréjat hudang singkil taki-taki maju kahareup dina sagala lapangan élmu pengetahuan jeung perékonomian. Di sawatara nagara séjén mah pulitik nyanghareupan pasualan sukubangsa téh henteu picik saperti di dieu. Basa jeung kamajuan suku-suku bangsa téh kacida diperhatikeunana sarta dimumuléna. Ngahaja diadegkeun akademi-akademi suku bangsa nu ngulik basa-basana, sajarahna sarta kabudayaanana. Malah tulisanana nu geus tara dipaké ogé dihirupkeun deui sar­ta dimumulé. Para nonomanana ngahaja disarakolakeun maké ongkos nagara.”
UPAMA urang nyieun tingkesanana, aya sababaraha hal anu mindeng ditepikeun ku nu milu kongres. Tangtu baé pangna remen dibahas téh ku lantaran dianggap penting minangka masalah utama anu dianghareupan ku urang Sunda harita. Ti antarana nu bisa ditingkeskeun téh nyaéta yén:
1.  Rahayat anu jadi korban kateuamanan kudu gancang dijait;
2.              Wangunan nagara kesatuan, hadéna dirobah jadi federasi;
3.              Aya imperialismeu suku bangsa, tur tumali jeung éta pagawé di Pasundan kudu urang Sunda;
4.              Masalah non jeung co kudu dileungitkeun;
5.              Basa daérah kudu diundakkeun fungsina dina pangajaran sakola, kitu deui medalkeun buku-buku Sunda;
6.              Urang Sunda perlu boga pahlawan (aya urang Sunda anu diangkat jadi pahlawan nasional);
7.              Perlu aya paguron luhur di Tatar Sunda cara di Yogyakarta;
Anu penting dicatet téh deuih hasil Kongrés Pamuda Sunda anu mangrupa proklamasi beunang ngarumuskeun Séksi Kabudayaan, anu unina:

PROKLAMASI

Kongrés Pamuda Sunda I nu diayakeun ti tanggal 5, 6, jeung 7 Novémber di Bandung, mroklamasikeun:

  1. Yén istilah Jawa Barat diganti ku Sunda, sarta minangka konsékuénsina istilah Jawa Tengah diganti ku Jawa Barat, sarta ngaran Pulo Jawa jadi Nusa Selatan luyu jeung conto ti pamaréntah anu geus ngarobah istilah Sunda Kecil jadi Nusa Tenggara.
  2. Yén Ki Tapa, Déwi Sartika, jeung Oto Iskandar di Nata minangka Pahlawan Nasional.
  3. Yén Déwi Sartika jeung Oto Iskandar di Nata kudu dipiéling ku urang Sunda saban taun minangka ibu jeung bapa Sunda.
  4. Yén Gajah Mada téh lain pahlawan nasional, malah sabalikna Gajah mada téh penjajah nu geus nimbulkeun perpecahan di antara suku-suku bangsa, ku sabab éta mitos nu patali jeung éta kudu diancurkeun.

Kitu diantara pertélaan ngeunaan Kongrés Pamuda Sunda anu harita dipokalan ku para nonoman Sunda anu umurna rata-rata 20 taunan.***

(Dimuat dina Majalah Cupumanik No. 16, anu saterusna dibukukeun dina “Nu Maranggung dina Sajarah Sunda”, Pusat Studi Sunda, 2006